“Urang Sunda Kudu Ngarojong Kana Atikan,Pikeun Suksesna Kawajiban di Ajar 12 Tahun” (๑'⌣'๑)
Assalamu’alaikum wr.wb
Girang pangajeng anu ku simkuring pihormat,Bapa miwah ibu guru anu kuring dipihormat,sareng rerencangan sadaya nu ku simkuring dipikameumeut.
Langkung ti payun mangga urang panjatkeun puja sinareng puji ka dzat illahi robbi,anu parantos nakdirkeun urang sadaya,tiasa patepung lawung paamprok jonghok dina ieu kasempatan anu sakiu mulyana.Mudah-mudahan Alloh SWT tetep masihkeun pitulung sareng taufik-Na ka urang sadaya,dugi ka urang tiasa nyuprih hikmah,padilah sinareng manfaat,tina ieu acara sareng pamaksadan.
Hadirin anu sami linggih,utamina para pangajen anu ku simkuring dipihormat.Sampurasun!
Dina ieu kasempetan nu sae ieu,simkuring bade medar perkawis “Urang Sunda Kudu Ngarojong Kana Atikan,Pikeun Suksesna Kawajiban di Ajar 12 Tahun”.
Masalah atikan mangrupikeun salah sawios kawajiban kangge urang sadaya,milari élmu teh dianjurkeun ku agama boh ku pamarentah,sabab ku ayana atikan manusa tiasa undak darajatna dibandingkeun jeung manusa nu teu ngagaduhan atikan.Sakumaha pitutur sepuh “Jalmi nu gaduh elmu mah calikna pangpayunna,lohokna pangpanjangna,iketna pangrubakna”.Taun ajaran énggal ayeuna nu bade kasampeur,mangrupikeun salah sawios tatapakan nu enggal pikeun seuweu-siwi tatar galuh Purwakarta,pikeun neraskeun sadaya nu sakola dasar ka sakola lanjutan tingkat awal,boh nu ti sakola lanjutan tingkat awal ka sakola lanjutan tingkat luhur.Jawa Barat nu disebat Pasundan sabagian ageungna urang sunda,parantos ti beh dituna keneh wanoh kana atikan,sateuacan UNICEF.Dina kamandangna “Long Life Education” nuntut élmu teh sapanjang hirup,sepuh pini sepuh urang tos ngawanti-wanti supados seuweu-siwi teu jaranteun jalmi bodo.
Sateuacan aya program kawajiban diajar 9 taun ayeuna rek diundakeun jadi 12 taun sepuh pini sepuh sunda tos ngagaduhan kamandang ngeunaan filosopis dina atika boh dina wanda sisindiran jeung sajabana.
Dina rumpaka sisindiran anu sakieu unggelna :
Aya manuk dina pager
Na sukuna aya bola
Lamun urang haying pintér
Kudu getol ka sakola
Baju kutud heureut pola
Dikelin teu dijalujur
Lamun teu cucud ka sakola
Arisin balik kalembur
Sihoreng mun urang hoyong pintér teh kudu getol ka sakola sabalikna mun urang teu junun ka sakola bakal isin balik ka lembur.
Agama urang agama islam ngajarkeun umatna pikeun nyuprih élmu dina salah sawios hadist nabi Muhammad saw. Hartosna : Nyuprih élmu teh wajib pikeun muslimin jeung muslimat ti kawitna kandungan dugi ka alam kubur.Ditegaskeun deui ku sepuh pini sepuh urang sadaya dina babasan “Élmu tungtut dunya siar,sukan-sukan sakadarna”.Filosopisna nu nyangkaruk dina babasan diluhur,urang sadaya sanes mun ukur nyuprih elmu wungkul tapi biayana ge kudu disiar,mun pareng linuhung ku elmu kudu siger tengah.Kumargi kitu hayu urang sukseskeun Wajar Dikdas 12 taun,rarojong program pamarentah supados sadaya janten murangkalih anu pintér bari jeung benér,cageur bari jeung singér.Mun cageur,bageur,benér,pintér,tur singér insyaalloh moal kabalingér.
Pamendak pitutur sepuh urang sunda,luyu jeung agama diaragama,pamungkas :
Sing getol nginum jajamu
Nu guna nguatkeun urat
Sing getol neangan élmu
Nu guna dunya akherat
Sakitu anu ka sanggakeun pamungkas agung cukup lumur jembar pangampura,tina samudaya kakirangan sareng kalepatan.
Wassalamu’alaikum wr.wb
Babaréngan Réncang Ampir Sapoé Jeput
Dina hiji waktos,poé Sabtu,01 Séptember 2012 rebun-rebun kénéh abdi siap-siap pikeun indit lumpat ka Situ Buleud saréng rerencangan sakelas nyaéta Aofi,Eneng,Yolanda saréng Indah..Sateuacanna abdi tos ngagaduhan pasini sangkan lari babarengan pikeun ngalatih fisik ambéh kuat mun engkin kelas XII di tes olahraga lumpat 5 kuriling Situ Buleud sarta teu hilap ménta idin heula ka kolot.Sarerea ngajanjian supados ngariung di gapura deukeut patung badak tabuh setengah genep.Tabuh satengah genep,abdi langsung angkat ti bumi naék angkot tuluy nyamperkeun réréncangan nu tos ngariung di tempat nu tos dijanjikeun.Saéntos karumpul,saréréa ngalakukeun pamanasan heula tuluy indit lumpat sakuatna.Némbe 3 kuriling saréréa tos kacapéan terus babaréngan reureuh heula.Pas reureuh abdi saréréa ningal Bupati Purwakarta (H.Dedi Mulyadi) nuju olahraga ogé saréng pangawalna di Situ Buleud tuluy saéntos reureuh abdi saréréa mumuluk heula.
Waktos tos nunjukeun tabuh 09.00.Abdi saréng réréncangan langsung angkat ka bumina Ajeng di Bojong pikeun gawé jumplukan nyieun struktur organisasi kelas alatan baris ayana akrediasi sakola. Di bumina Ajeng réréncangan nu sanésna nu masih sakelas ogé milu ngabantuan gawé jumplukan.Aya nu heureuy,nyarita,balanja ngalengkapan kabutuhan kelas nu kakirangan.Abdi ingét mun engkin tabuh 5 abdi diundang balakécrakan di bumina Ira (Babaturan deukeut SMP),sabab anjeunna parantos ulangtaun kaping 27 Agustus abdi nitip pangmésérkeun boneka pikeun kado kanggé Ira ka Rizkyta saréng Vicky nu badé meser kabutuhan kelas.Saéntos ngerjakeun struktur organisasi éta,abdi saréng réréncangan ngaliwet heula tuluy uih ka bumi sabab tos soré tabuh 3.Sateuacan uih ka bumi,abdi masihkeun boneka ka Rikha supados pangbungkuskeun janteun kado kusabab kado éta papatungan meserna saréng Rikha jeung Elen.Di bumi abdi reureuh heula sakedap teras mandi deui jeung tuluy deui angkat ka bumi Ira saréng Rikha.
Di lalampahan abdi ngajailan Ira heula nyaéta ngaSMS anjeunna ménta maaf alatan teu bisa hadir dina acarana,padahal mah nuju di lalampahan ka bumina.Saéntos nepi ka bumina,Ira reuwas mun anjeunna ternyata dijailan ku abdi saréng réréncangan nu sanésna ogé ngjailan anjeunna.Bedug adzan maghrib tos kadangu abdi saréng réréncangan ngalaksanakeun solat heula teras saéntos solat acarana dimulai.Sateuacanna saréréa ngabaca do’a heula sateuacan neda tuluy nyarandak kadaharan nu tos disiapkeun nyalira-nyalira.Abdi saréng réréncangan seuseurian waé ningal paripolah nu nyieun pilucueun nyaéta Syaiful.Anjeunna teu isin-isin nyandakan kadaharan sababaraha kali nu tos disadiakeun,sapertos ageur,bolu,jeung sajabana.Anjeunna ngahuapkeun ageur sakaligus teras teurabna tarik nya jadi barudak téh seuseurian teu eureun-eureun.Saéntos balaké crakan,abdi sadayana angkat ka lapangan nu deukeut bumina Ira.Di lapangan abdi saréréa ngabanjur Ira nganggo tarigu,éndog jeung cai teras eh.diudag-udag ku Ira sangkan anjeunna rék ngabaleus kajailan nu tos dilakukeun ku sadayana.Abdi saréréa langsung lulumputan ka kompleks-kompleks bumina Ira supados teu beunang dibanjur.Sajauh-jauhna abdi saréréa lulumputan langsung ka bumi Ira deui.Di bumina,Ira tos mandi teras anjeunna angkat heula ka warung.Teu disangka-sangka tétéla Ira mesér tarigu pikeun ngabanjur tuluy uih ka bumina deui.Di bumina Ira ngawurkeun tarigu ka buuk barudak nu teu acan kabanjur,salah sahijina abdi ogé ahirna mah beunang tarigu sarta baju baseuh lantaran disemprot paké cai selang ku adina Ira nu ngilu-ngiluan ngabanjur.Haté tos teu pararuguh sabab isin uihna mun ditingalikeun baju baseuh sarta bau tarigu.Ahirna tabuh 9 peuting aya réréncangan nu bawa motor,abdi ménta diantérkeun uih nyampé bumi.Dina dinten éta abdi ngarasa gumbira pisan,cacak kudu lekasan kalayan baju baseuh.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar